Rabu, 22 Oktober 2014

FILSAFAT SULING




FILSAFAT SULING
          Ku: E.Kosmajadi
Suling tĕh nyaĕta salah sahiji alat (pakakas) kasenian Sunda anu dijieun tina tamiang (sabangsa awi), makĕna ditiup. Ditilik tina larasna, suling aya sababaraha rupa, di antarana aya suling pĕlog, suling salĕndro, jeung suling degung.

Pikeun masarakat Jawa Barat, suling mibanda ajĕn-inajĕn anu luhung malah kungsi meunang pangleler ti pamarĕntah sarta dianggap salah sahiji alat perjuangan dina mangsa ngarĕngsĕkeun pasualan gorombolan DI. Sora suling bisa meruhkeun hate anak buah Kartosuwiryo nu aya di pileuweungan nepi ka sadrah sumerah hatĕ mulang ka lemah cai, balik ka Ibu Pertiwi. Ti harita sora suling dipakĕ tune RRI Bandung dina ngamimitian siaran.

Saur Abah Ali (Ali Sastramidjaja-Budayawan Sunda), SULING ngandung siloka jeung filsafat. Dina basa Dwipantara (Indonesia kuno), kecap suling muasalna tina kecap SU_LA_HYANG, anu hartina katangtuan ti pamingpin anu bener (ketentuan dari para pemimpin yang benar), atawa katangtuan ti pamingpin dina nanjeurkeun BENER. Ku pangaruh alam jeung robahna mangsa, kecap SU_LA_HYANG ngarandapan parobahan (evolusi) basa dina mangsa ratusan taun, nya robah jadi SU_LING.    Ku kituna, kecap SULING tĕh robah deui hartina, jadi “ĔLING SANGKAN BENER “, mun dina Bahasa Indonesia mah “Mawas diri demi kebenaran”. Dina kahirupan masyarakat Sunda, ĕta pĕpĕling tĕh datangna ti para pamingpin jadi, mun masyarakat hayang bener, nya kudu dicontoan ku pamingpin. Sabab cĕk siloka SULING, SU = bener, LING asalna tina kecap LA HYANG anu hartina pamingpin. Jadi, SULING tĕh bener ti pamingpin, pamingpin anu bener, pamingpin anu bajoang nanjeurkeun bener.

Siloka wujud SULING, mun ditelek-telek bakal kasawang kalayan atra, yĕn suling tĕh ngagambarkeun tangtungan hiji jalma. Tingali dina gambar, wujud tamiang (awi) minangka awakna, anu di luhur makĕ suliwer minangka sirah makĕ iket. Jadi suling tĕh siloka tina tangtungan hiji jalma makĕ iket.


SULING ngandung filsafat.  Numutkeun kayakinan bangsa Indonesia kuna, hususnya Sunda. Manusa tĕh hiji mahluk anu ngabogaan genep liang kahirupan, hirup jeung huripna. Hirup ngandung harti dedeg adegna manusa anu diwangun ku raga jeung nyawa (jasmani jeung rohani), ari hurip ngandung harti sĕhat waluya, ayem tengtrem kertaraharja.
Nu dimaksud genep liang tĕh, nyaĕta : 1) soca (panon), 2) pangambung (irung), 3) baham (sungut), 4) cepil (ceuli), 5) larangan (alat kelamin), jeung  6) pamiceunan (anus). Ĕta anu genep liang tĕh euweuh nu gorĕng, kabĕh penting pikeun kahirupan hiji jalma, sabab mangrupakeun system anatomi ciptaan Allah SWT nu Maha Agung. Hirup jeung huripna hiji jalma dideudeul ku genep liang ĕta, lamun salah sahiji aya anu leungit atawa ruksak, geus tinangtu kahirupan ĕta jalma kaganggu. Conto, baham normal bisa barangdahar jeung nginum, tapi lamun teu bisa miceun, teu bisa kahampangan, atawa teu bisa hitut geus tangtu ĕta jalma tĕh keuna ku lara. Pon kitu deui, lamun ceuli teu bisa ngadĕngĕ, moal bisa ngomong lancar. Nu matak nu torĕk bawa ti kudrat sok loba nu pireu.

Kulantaran kitu, sangkan ĕta liang anu genep tĕh karasa guna jeung mangfaatna, manusa kudu bisa ngagunakeunana bari tumut kana aturan hirup kalayan disiplin, atawa tumut kana tata krama, sopan santun, jeung tetekon hirup sĕjĕna. Dina prak-prakanana, manusa kudu nyaho jeung ngarti sarta sadar, iraha ĕta liang anu genep tĕh kudu ditutup jeung kudu dibuka. Dina sistem kahirupan, masing-masing liang anu genep tĕh boga waktu anu matuh, boga mangsa anu merenah, pikeun muka jeung nutup. Hirup manusa moal bener, mun barangdahar bari miceun, atawa nginum bari kahampangan. Martabat manusa moal mulya, mun sagala diomongkeun, atawa ngomong lain dina tempat jeung waktuna. Ku kituna, manusa nu apal kana tata krama, baris ngarti jeung surti, iraha kudu ngomong jeung iraha kudu balem. Manusa anu bijaksana baris ngarti jeung surti iraha kudu ngasupkeun jeung iraha kudu ngaluarkeun.

Tah ĕta, pakuat pakait antara liang anu genep jeung tatakrama muka  nutup liang, silokana suling.

Ajĕn inajĕn niup SULING.
Dina falsafat Sunda aya ungkara “Keris manjing Sarangka”, aya deui nu saharti jeung ĕta nyaĕta “Sumurup Miraga Sukma”. Nu dimaksad nyaĕta     surupna antara obahna ramo-ramo leungeun kĕnca jeung katuhu, antara anu di handap jeung anu di luhur. Ditilik tina kalungguhan (posisi), anu kĕnca jeung anu katuhu atawa anu handap jeung anu luhur, euweuh anu pangalusna, euweuh anu panggorĕngna, atawa lain ngabĕdakeun alus jeung gorĕng, dan posisi mah teu pacorok jeung harti alus-gorĕng. Nu di luhur, ulah agul dumĕh aya di luhur, da ari teu merenah mah tangtu gorĕng, komo bari ngahina kanu aya di handap mah. Nu di handap ulah leutik hatĕ dumĕh aya di handap, sabab moal aya nu di luhur lamun euweuh nu di handap, da ari merenah mah najan di handap ogĕ tangtu bener.

Ku kituna, antara kĕnca jeung katuhu, antara handap jeung luhur, anu dipiharep tĕh aya gerak (obah) anu sifatna adu-manis (harmonis). Ditambah ku adu manisna antara muka-nutup jeung cara ngatur napas (rĕnghap). Napas ngandung harti hirup, jadi hirup jeung hurip baris ngabukti lamun muka-nutup liang anu genep luyu jeung aturan sarta salaras jeung tarikan napas. Dina suling mah, wujudna kaharmonisan tĕh aya sora anu ngalagena.

Siloka sora suling, mun ditilik tina jihat jagat-raya, harmonisna hubungan antara irama anu dihasilkeun ku leungeun kĕnca jeung katuhu, selang sekar antara ramo anu nutup-muka liang luhur jeung ramo anu nutup-muka liang handap, ibarat saimbangna antara alam, jiwa-raga, langit-bumi, cai jeung seuneu, alus jeung gorĕng.

Tilu ramo leungeun kĕnca jeung katuhu, simbul TRISULA, nyaĕta ngeunaan katangtuan anu bener. Tilu ramo kĕnca jeung tilu ramo katuhu simbul ngatur kasaimbangan TRISULA. Mun dina Islam mah Ibadah hubungan langsung ka Allah, Ibadah dina hubungan jeung sasama manusa, sarta ibadah dina hubungan manusa jeung alam. Harmonisna gerak ramo-ramo dina ngatur nutup-muka liang suling, kudu dibarengan ku rasa jeung kasadaran sangkan ngawujud “manunggaling “Upasaka Panca Niti”, anu disilokakeun ku genep liang genep niti, nyaĕta:

1.     Niti Harti ( Tahapan ngarti ) 
2.     Niti Surti ( Tahapan paham ) 
3.     Niti Bukti ( Tahapan ngabukti) 
4.     Niti Bakti ( Tahapan ngabakti ) 
5.     Niti Jati (Tahapan Sajatining manusa, manunggalna manusa jeung Allah =manunggaling kawulo lan Gusti)

Tujuan akhirna, sabada manusa mibanda Pusaka Panca Niti, manusia dipiharep bisa bĕbas tina haliyah dunya (henteu hubudunya). Engkĕna   bisa mulih ka jati, mulang ka asal, nyumponan kaidah “Inna lilllahi wa inna ilaihi roji’uun”. Nyaho kana diri, sadar kana diri, boga rasa jeung rumasa. Rasa nyaĕta manunggalna cahaya, rumasa manunggalna cahaya ibu pertiwi.

Wallohu alam.
Cag.

1 komentar: