Bagea baraya, Ki Sunda satatar Sunda, mugia urang sadaya tinemu bagja, boh di dunya, boh di aherat.
Bagja bisa nulis di dieu, malahmandar aya guna jeung mangfaatna, boh jang nu nulis, boh jang nu maca.
Maca jeung nulis mangrupakeun dua pagawean anu raket naker patalina, dalit lir gula jeung peueut, kawas gula jeung amisna, kawas seuneu jeung panasna.
Moal aya bacaeun mun euweuh anu nulis, hasil tulisan moal aya gunana lamun euweuh anu maca.
Mana anu leuwih tiheula, nulis atawa maca?
Pamanggih Kuring mah anu pangheulana aya teh nyaeta anu nulis, geus aya tulisan karek aya anu maca.
Parentah naon anu pangheulana katarima ku manusa? Nulis atawa maca?
Palebah dieu, pikeun umat Islam tangtu sapagodos, moal aya beda pamanggih. Sabab, wahyu munggaran anu katampi ku Nabi Muhammad saw nyaeta parentah maca (iqra).
Maca naon?
Jawabanana maca ayat-ayat Allah SWT, boh anu tinulis (tersurat) nyaeta Firman Allah dina Al Quran, boh anu teu tinulis (tersirat) nyaeta alam katut eusina, kaasup awak urang (manusa). Mun kitu mah sarerea tangtu maphum, pagawean anu pangheulana teh nyaeta nulis. Saha anu nulis pangheulana? taya deui iwal ti Allah SWT, Allah Nu Maha Welas tur Maha Asih, nu Maha Awal. Jadi, mun sadar jeung yakin kana hal ieu, ngandung harti dina hate urang geus ngancik iman ka Allah SWT, aya iman dina hate atawa jiwa ngandung harti aya cahaya (nur), cahaya Illahi, anu baris nyaangan akal jeung pikiran, nyaangan jalan sorangeun, nyaangan pagawean lampahkeuneun, nyaangan tujuan jugjugeun. Hartina, bisa ngabedakeun salah jeung bener, bisa ngabedakeun alus jeung goreng, bisa ngabedakeun mangfaat jeung mudarat. Subhanalloh.
Tah ku kituna, mun hayang bisa nulis, kudu maca heula manusa mah. Hasil tina maca bakal meunang pangaweruh. Tah pangaweruh eta tamplokeun kana tulisan.
Tulisan Kuring, rek diwadahan dina CUPU MANIK ieu.
Amiiin. (E.Kosmajadi)
Amiiin. (E.Kosmajadi)






0 komentar:
Posting Komentar