Suling tĕh nyaĕta salah sahiji alat
(pakakas) kasenian Sunda anu dijieun tina tamiang (sabangsa awi), makĕna
ditiup. Ditilik tina larasna, suling aya sababaraha rupa, di antarana aya suling
pĕlog, suling salĕndro, jeung suling degung.
Pikeun masarakat Jawa Barat, suling
mibanda ajĕn-inajĕn anu luhung malah kungsi meunang pangleler ti pamarĕntah
sarta dianggap salah sahiji alat perjuangan dina mangsa ngarĕngsĕkeun pasualan
gorombolan DI. Sora suling bisa meruhkeun hate anak buah Kartosuwiryo nu aya di
pileuweungan nepi ka sadrah sumerah hatĕ mulang ka lemah cai, balik ka Ibu
Pertiwi. Ti harita sora suling dipakĕ tune RRI Bandung dina
ngamimitian siaran.
Saur Abah Ali (Ali Sastramidjaja-Budayawan Sunda), SULING ngandung
siloka jeung filsafat. Dina basa Dwipantara (Indonesia kuno), kecap suling muasalna tina kecap SU_LA_HYANG,
anu hartina katangtuan ti pamingpin anu bener (ketentuan dari para
pemimpin yang benar), atawa katangtuan ti
pamingpin dina nanjeurkeun BENER. Ku pangaruh alam jeung robahna mangsa, kecap
SU_LA_HYANG ngarandapan parobahan (evolusi) basa dina mangsa ratusan
taun, nya robah jadi SU_LING. Ku kituna, kecap SULING tĕh robah deui hartina, jadi “ĔLING SANGKAN BENER “, mun dina Bahasa Indonesia mah “Mawas
diri demi kebenaran”. Dina kahirupan masyarakat
Sunda, ĕta pĕpĕling tĕh datangna ti para pamingpin jadi, mun masyarakat hayang
bener, nya kudu dicontoan ku pamingpin. Sabab cĕk siloka SULING, SU = bener,
LING asalna tina kecap LA HYANG anu hartina pamingpin. Jadi, SULING tĕh bener
ti pamingpin, pamingpin anu bener, pamingpin anu bajoang nanjeurkeun bener.
Siloka wujud SULING, mun ditelek-telek
bakal kasawang kalayan atra, yĕn suling tĕh ngagambarkeun tangtungan hiji
jalma. Tingali dina gambar, wujud tamiang (awi) minangka awakna, anu di luhur
makĕ suliwer minangka sirah makĕ iket. Jadi suling tĕh siloka tina tangtungan
hiji jalma makĕ iket.
SULING ngandung filsafat. Numutkeun kayakinan bangsa Indonesia kuna,
hususnya Sunda. Manusa tĕh hiji mahluk anu ngabogaan genep liang kahirupan,
hirup jeung huripna. Hirup ngandung harti dedeg adegna manusa anu diwangun ku
raga jeung nyawa (jasmani jeung rohani), ari hurip ngandung harti sĕhat waluya,
ayem tengtrem kertaraharja.
Nu dimaksud genep liang tĕh, nyaĕta : 1)
soca (panon), 2) pangambung (irung), 3) baham (sungut), 4) cepil (ceuli), 5) larangan
(alat kelamin), jeung 6) pamiceunan
(anus). Ĕta anu genep liang tĕh euweuh nu gorĕng, kabĕh penting pikeun
kahirupan hiji jalma, sabab mangrupakeun system anatomi ciptaan Allah
SWT nu Maha Agung. Hirup jeung huripna hiji jalma dideudeul ku genep liang ĕta,
lamun salah sahiji aya anu leungit atawa ruksak, geus tinangtu kahirupan ĕta jalma
kaganggu. Conto, baham normal bisa barangdahar jeung nginum, tapi lamun teu
bisa miceun, teu bisa kahampangan, atawa teu bisa hitut geus tangtu ĕta jalma tĕh
keuna ku lara. Pon kitu deui, lamun ceuli teu bisa ngadĕngĕ, moal bisa ngomong
lancar. Nu matak nu torĕk bawa ti kudrat sok loba nu pireu.
Kulantaran kitu, sangkan ĕta liang anu
genep tĕh karasa guna jeung mangfaatna, manusa kudu bisa ngagunakeunana bari
tumut kana aturan hirup kalayan disiplin, atawa tumut kana tata krama, sopan
santun, jeung tetekon hirup sĕjĕna. Dina prak-prakanana, manusa kudu nyaho
jeung ngarti sarta sadar, iraha ĕta liang anu genep tĕh kudu ditutup jeung kudu
dibuka. Dina sistem kahirupan, masing-masing liang anu genep tĕh boga waktu anu
matuh, boga mangsa anu merenah, pikeun muka jeung nutup. Hirup manusa moal
bener, mun barangdahar bari miceun, atawa nginum bari kahampangan. Martabat
manusa moal mulya, mun sagala diomongkeun, atawa ngomong lain dina tempat jeung
waktuna. Ku kituna, manusa nu apal kana tata krama, baris ngarti jeung surti,
iraha kudu ngomong jeung iraha kudu balem. Manusa anu bijaksana baris ngarti
jeung surti iraha kudu ngasupkeun jeung iraha kudu ngaluarkeun.
Tah ĕta, pakuat pakait antara liang anu
genep jeung tatakrama muka nutup liang,
silokana suling.
Ajĕn inajĕn niup SULING.
Dina
falsafat Sunda aya ungkara “Keris manjing Sarangka”, aya deui nu saharti jeung ĕta nyaĕta “Sumurup Miraga Sukma”. Nu dimaksad nyaĕta surupna antara obahna ramo-ramo leungeun kĕnca jeung katuhu,
antara anu di handap jeung anu di luhur. Ditilik tina kalungguhan (posisi), anu
kĕnca jeung anu katuhu atawa anu handap jeung anu luhur, euweuh anu pangalusna,
euweuh anu panggorĕngna, atawa lain ngabĕdakeun alus jeung gorĕng, dan posisi
mah teu pacorok jeung harti alus-gorĕng. Nu di luhur, ulah agul dumĕh aya di
luhur, da ari teu merenah mah tangtu gorĕng, komo bari ngahina kanu aya di
handap mah. Nu di handap ulah leutik hatĕ dumĕh aya di handap, sabab moal aya
nu di luhur lamun euweuh nu di handap, da ari merenah mah najan di handap ogĕ tangtu
bener.
Ku kituna, antara kĕnca jeung katuhu,
antara handap jeung luhur, anu dipiharep tĕh aya gerak (obah) anu sifatna
adu-manis (harmonis). Ditambah ku adu manisna antara muka-nutup jeung cara
ngatur napas (rĕnghap). Napas ngandung harti hirup, jadi hirup jeung hurip
baris ngabukti lamun muka-nutup liang anu genep luyu jeung aturan sarta salaras
jeung tarikan napas. Dina suling mah, wujudna kaharmonisan tĕh aya sora anu
ngalagena.
Siloka sora suling, mun ditilik tina
jihat jagat-raya, harmonisna hubungan antara irama anu dihasilkeun ku leungeun
kĕnca jeung katuhu, selang sekar antara ramo anu nutup-muka liang luhur jeung
ramo anu nutup-muka liang handap, ibarat saimbangna antara alam, jiwa-raga,
langit-bumi, cai jeung seuneu, alus jeung gorĕng.
Tilu ramo leungeun kĕnca jeung katuhu,
simbul TRISULA, nyaĕta ngeunaan katangtuan anu bener. Tilu ramo kĕnca jeung
tilu ramo katuhu simbul ngatur kasaimbangan TRISULA. Mun dina Islam mah Ibadah
hubungan langsung ka Allah, Ibadah dina hubungan jeung sasama manusa, sarta
ibadah dina hubungan manusa jeung alam. Harmonisna gerak ramo-ramo dina ngatur
nutup-muka liang suling, kudu dibarengan ku rasa jeung kasadaran sangkan
ngawujud “manunggaling “Upasaka Panca Niti”, anu disilokakeun ku genep
liang genep niti, nyaĕta:
1. Niti
Harti ( Tahapan ngarti )
2. Niti
Surti ( Tahapan paham )
3. Niti
Bukti ( Tahapan ngabukti)
4. Niti
Bakti ( Tahapan ngabakti )
5.
Niti Jati (Tahapan Sajatining manusa, manunggalna manusa jeung Allah =manunggaling kawulo lan Gusti)
Tujuan akhirna, sabada manusa mibanda Pusaka
Panca Niti, manusia dipiharep bisa bĕbas tina haliyah dunya
(henteu hubudunya). Engkĕna bisa mulih
ka jati, mulang ka asal, nyumponan kaidah “Inna lilllahi wa inna ilaihi
roji’uun”. Nyaho kana diri, sadar kana diri, boga rasa jeung rumasa. Rasa nyaĕta
manunggalna cahaya, rumasa manunggalna cahaya ibu pertiwi.
Wallohu alam.
Cag.










